B. Daerah

Pertanyaan

Unsur unsur sajak hujan poyan ku apip mustopa

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Sajak nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sajak, mantra, sisindiran, guguritan jeung pupujian.

    Sajak oge mangrupa wangun puisi anu henteu kauger atawa henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda lianna anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti mantra jeung pupujian. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan, nyaeta kaiket ku aturan pupuh.

    Sanajan sajak henteu kaiket ku aturan, dina sajak aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi hiji sajak. Unsur-unsur anu aya dina hiji sajak nyaeta unsur tema atawa jejer, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.

    Tema atawa jejer sajak nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi sajak. Nada jeung suasana sajak nyaeta sikep panyajak anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca sajak. Rasa sajak nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu maca sajak kana poko pasualan nu aya dina sajak. Amanat sajak nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu maca sajak atawa pangarang sajak ka anu ngaregepkeun eta sajak.

    Kusabab kekecapan anu aya hiji sajak teh biasana henteu sagemblengna, jeung komo deui pan ari sajak teh mangrupa wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita, dina nilik atawa nganalisa eusi hiji sajak, hasilna atawa interpretasina bisa beda-beda. Kitu oge dina nilik atawa nganalisa sajak Hujan Poyan.

    Tema sajak Hujan Poyan nyaeta ngeunaan kahirupan. Nada jeung suasanana, sanajan eta sajak teh bisa dibawakeun sacara gogonjakan, tapi eta sajak miboga eusi anu serius. Rasa anu aya dina eta sajak nyaeta sanajan eusina bisa serius eta sajak teh bisa dibawakeun sacara gumbira. Sedengkeun amanat tina eta sajak nyaeta yen hiji kajadian dina kahirupan teh bisa dihartikeun beda-beda ku anu nyiksenan, kitu oge dina ngahartikeun sajak Hujan Poyan.




Pertanyaan Lainnya